6 Sajak Pendek Bahasa Sunda

6 Sajak Pendek Bahasa Sunda



KAMELANG 

Rumingkangna kalangkang

ngan sakolebat,bihari

rumenghapna katangen na poe nu simpe
duh ,tresna teh endah
mun diwincik ku iman jeung kaheman

Sanggeus midangdam katugenah
balebat ngincid ka landeuh,
aya hariring jempling peuting
ngageuing diri
pinasti patelak jeung harti




Kotretan


peuting ieu taya nu bisa dibaca
lian ti saniskara tandanu ngahurup
saban renghap. Dina kaca-kaca nu muka
dina raca tapak cirri sabot lampah
remen teu kebat ku mangloh

wiujeung wengi, ceuk mangpirang kotretan
mangsina lir getih nu sumarambah
tina tatu kana urat-urat saban wayah

didieu, teu weleh aya peuting
pikeun ngalinjing. Bari nyerangken deungeun
ti abad ka abad melak ungkara
di luareun kaca nu saab na dada kula

wilujeung wengi, ceuk harewos
tina kalender nu angkana maluguran
kana kakosong nu saules
jeung geter nu remen jadi angkeuhan





Cikaracak

cikaracak tina juru mata poe
ninggang batu dina lungkawingna hate
laun-laun jadi helok, miring nu sakapeung nalek
naha rek sabaraha abad, sangkan cinta leah sujud?

Deuh, sukma nu ngamangandeuh
Na landeuheun lilinduh jalan satapak
Nu ditaratas karuhun

Ieuh, poma tong nabeuh bangbaluh
Saban reureuh lengkah keuna ku pitapak
Balas meungpeun ku paralun

Teu naha teu naon
Sono mah geura tohonan





Sabot Tepung



sanggeus sakabehna kedal
jadi arak nu mudal tina gelasna
nu tinggal saukur botol nu harapa dina dada

musik nu milu ngusikkeun kasono urang
teu kungsi nepungkeun
naon nu ker dipimelang

ukur simpe nu demit
seseleket dina kesetan biola
lir wawakil hiji sora
nu leungit tina wirahma




Wahangan Waku


paharep-harep jeung hirup
nu can kaheurap huripna
wahangan waktu
mungkas seah jero dada

tatu batu ceda kula
leuwi diparak asihna
ti dtu dikeprak suka
kawihna nalek nu sirna

aya jeung euweuh
silih bageakeun galeuh
sabot mulang ka melangna
nu langgeng ngajirim kula





Katembong Bulan


Basa hawa tiris mimiti nurunken ibun
Bulan na sesela dahan katapang
Cahayana sawareh murag kana lahunan

Aya nu dsumputken simpe
dina puteran jam. Aya hate anteng maluruh
saniskara lambing dina semu nu liuh
di dieu, handapeun legana langit
aya dunya eusina ukur duaan
adam jeung hawa nu hemeg
di tengah asingna sampalan

bulan teh can buleud pisan, ceuk anjeun
kalangkang daun jadi tilam tatapakan batin
nu saterusna ukur silih lelebah
timbangan wawanen reujeung guligah



Sekian sedikit artikel yang saya bagikan mengenai 6 Sajak Pendek Bahasa Sunda ini. Semoga artikel ini dapat bermanfaat bagi para pembaca. Jangan lupa share dan tinggalkan komentar dibawah.


Kritik dan saran para pembaca sangat bermanfaat bagi kami!

Emoticon