Cerpen Sunda "Kuya Jeung Monyet"

Cerpen Sunda "Kuya Jeung Monyet"

KUYA JEUNG MONYET
Aya patani nyaung-nyaung dina kebonna. Imahna mah rada jauh ti dinya. Pepelakan di kebonna rupa-rupa, aya sampeu, hui, jagong, jeung taleus. Malah bonteng mah keur meujehna buahan, can di ala da ngora keneh.

Unggal poe patani teh ngalongokan kebonna. Minangka baturna sok mawa lutung kukutanana. Pagawean si lutung taya lian ti nalingakeun bisi aya nu ngaruksak kebon. Boh jelema boh sasatoan sakur nu katembong ku manehna pasti di gorowokan bari di udag. Ku kituna, pepelakan patani teh weuteuh, tara aya nu ngaganggu. 

Dina hiji poe si lutung hulang huleung bae di kebon. Waktu si lutung keur ngurilingan  kebon, manehna pasarandog jeung kuya.

“bangun ieu kuring, “kuya nyarita “ hey lutung, maneh teh rek kitu bae Saumur-umur? 
“kuya moyokan.
“naha kitu ?” walon si Lutung teu ngarti.

“unggal poe pagaweana the ngan ulukutek di kebon bae. Nempo itu, ngaroris ieu. Naha bet euweuh cedo teuing. Tenjo atuh uing. Uing mah di darat hayu, di cai hayu jaba tara di parentah ku jelema. Estuning lalusasa moal aya nu nyarek rek kitu, rek kieu oge…..’ceuk kuya gumede.
“enya ari kitu tea mah. Tapi can puguh saha nu leuwih genah. “tembal si lutung.
“nya genah kuring, hirup laluasa, heunteu di parentah ku jelema!
Si Lutung teu nyarita deui. Da jeung enyana atuh kapan manehna mah diingu ku jelema. Barang dahar di berean, bari unggal poe aya gawe nu kudu di cumponan.

Nenjo si lutung ngahuleung, kuya bangun sugema pisan. Leos ka landean, kecebek ancrub ka walungan. Kokojayan bari ngera-ngera si Lutung. Najan pohara keuheulna si Lutung teu bisa kumaha. Da kudu ancrub ka cai mah, teu sanggupeun.

Dina hiji poe, si lutung indit deui ka kebon, ngiringkeun dununganana. Harita the rek ngala bonteng. Ceuk patani, “Lutung dagoan didieu. Kami rek nyokot tambang, keur nyangcang kuya, tangtu ieu nu sok ngaruksak kebon teh!”

Si lutung pohara bungahna, komo barang nenjo patani dating deui bari mawa tambang jeung awi. Kuya nu keur ngarayap deukeut pager the di koer keun ku awi, nepi ka nangkarak geus kitu ma kuya the teu bisa walakaya. Roroesan bari lungsa-lengsi. Si lutung nyakakak nenjo kuya ieu teu aya daya. Pok na, “har, naha bet rorosehan kitu, kuya? Moal enya jago ku petana? Lain bisa di darat jeung di cai? Sok atuh geura hudang!”

Kuya teu wasa nembalan. Eukeur mah teu bisa ojah, turung-turung inget kana kalakuana moyok si lutung. Ahirna gawena mah ngan ceurik bae.

Teu lila ti harita, patani geus datang deui. Kuya di talian dibawa ka imahna. Tangtu bakal di kerem di imahna patani.


Lihat Juga :
  • Cerpen Sunda "Kabayan Saba Kota"

Sekian sedikit artikel yang saya bagikan mengenai Cerpen Sunda "Kuya Jeung Monyet" ini. Semoga artikel ini dapat bermanfaat bagi para pembaca. Jangan lupa share dan tinggalkan komentar dibawah.


Kritik dan saran para pembaca sangat bermanfaat bagi kami!

Emoticon